RANGKUMAN SARENG QOIDAH TAJWID
HUKUM NUN PAEH SARENG TANWIN
MADRASAH ISLAMIYAH AL-ISTIQOMAH
Strict Adherent Of Islamic School
A. BAB MACA TA’AWUDZ BASMALAH JEUNG SURAT
Ari Bab
Maca Ta’awudz Basmalah jeung Surat Eta
Kabagi 4 Bagian Nyaeta:
1.
قَطْعُ الْجَمِيْعِ (QOT’UL JAMI’)
Hartosna : “DIPEGATKEUN
KABEHANNANA” (Taawudz,Basmalah Jeung Awal Surat)
Contona :
أَعُوْذُبِا للهِ مِنَ
الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمْ-بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمْ- قُلْ هُوَاللهُ
أَحَدْ
2.
وَصْلُ الْبَسْمَلَةِ بِا
لسُّوْرَةْ (WASLUL
BASMALATI BISSUROH)
Hartosna :”NYAMBUNGKEUN
BISMILLAH KANA AWAL SURAT”
Contona :
أَعُوْذُبِا للهِ مِنَ
الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمْ-بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ قُلْ هُوَاللهُ
أَحَدْ
3.
وَصْلُ
الْاِسْتِعَاذَةِبِالْبَسْمَلَةِ (WASLUL ISTI’ADZATI BIL BASMALAH)
Hartosna :
“NYAMBUNGKEUN TA’AWUDZ KANA BISMILLAH”
Contona :
أَعُوْذُبِا للهِ مِنَ
الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمْ- قُلْ هُوَاللهُ
أَحَدْ
4.
وَصْلُ الْجَمِيْعِ (WASLUL JAMI’)
Hartosna : “DI
SAMBUNGKEUN KABEHANNANA” (Ta’awudz,Bismillah Jeung Awal Surat)
Contona :
أَعُوْذُبِا للهِ مِنَ
الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ قُلْ هُوَاللهُ أَحَدْ
B. BAB MACA BISMILLAH DIANTARA DUA SURAT
Ari
hukumna maca bismillah diantara dua surat eta aya 4 bagian, ieu nu opat bagian
teh di bagi deui jadi 2 bagian, nyaeta
1)
Aya anu
meunang eusina aya tilu
2)
Aya anu heunteu
meunang,nyaeta sajalan
Ari gambaran anu dimeunangkeun
nyaeta :
1. قَطْعُ الْكُلِّ ( QOT’UL KULLI)
Hartosna : dipegatkeun kabehannana, (akhir surat nu kahiji
diwaqofkeun,tuluy maca bismillah,akhir bismillah diwaqofkeun,tuluy maca awal
surat anu kadua)
Contona :
وَلَمْ يَكُنْ لَّهُ كُفُوًأَحَدْ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ
الرَّحِيْمْ قُلْ أَعَوْذُبِرَبِّ الْفَلَقْ
2. وَصْلُ الْبَسْمَلَةِ بَأَوَّلِ السُّوْرَةِ ( WASLUL BASMALATI BI AWWALIS SUROH)
Hartosna : waqof wasol, ( ngawaqofkeun akhir surat anu kahiji, tuluy
maca bismillah, sedengkeun akhir bismillah diwasolkeun kana awal surat anu
kadua)
Conntona
:
وَلَمْ يَكُنْ لَّهُ كُفُوًأَحَدْ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ
الرَّحِيْمِ قُلْ أَعَوْذُبِرَبِّ الْفَلَقْ
3.
وَصْلُ الْكُلِّ ( WASLUL KULLI)
Hartosna : diwasolkeun
kabehannana (akhir surat anu kahiji di wasolkeun kana mimiti bismillah, akhir
bismillah diwasolkeun kana mimiti surat anu kadua)
Contona :
وَلَمْ يَكُنْ لَّهُ كُفُوًأَحَدُ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ
الرَّحِيْمِ قُلْ أَعَوْذُبِرَبِّ الْفَلَقْ
Ari gambaran anu
teu dimeunangkeun nyaeta :
1.
مَا إَذَاوُصِلَ أَخِيْرُ
السُّرَةِ بِالْبَسْمَلَةِ وَوُقِفَ وابْتُدِءَبِمَا بَعْدَهَا ( MA IDZA WU SHILA AKHIRUS SUROH BIL
BASMALAH WAWUQIFA WABTU DI A’ BIMA BA’DAHA)
Hartosna : dimana-mana akhir surat anu kahiji di wasolkeun kana
bismillah, sedengkeun akhir bismillah diwaqofkeun, tuluy ngamimitian kana awal
surat anu kadua
Contona :
وَلَمْ يَكُنْ لَّهُ كُفُوًأَحَدُ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ
الرَّحِيْمْ قُلْ أَعَوْذُبِرَبِّ الْفَلَقْ
Pangna
Heunteu Meunang Nyaeta :
أَنَّهُ يُوْهَمُ اَنَّ الْبَسمَلَةِ مِنْ أَخِيْرِ السُّوْرَةِ
Hartosna
: bisi di sangka yen bismillah teh akhir surat anu kahiji
NADZOMNA
1. Maca bismillah antara
dua suroh
Aya
opat rupa kade ulah leupat
Anu
opat kabagi dua hukumna
Anu
meunang reujeung anu teu meunangna
2. Ari gambaran nu
dimeunangkeunana
Aya tilu sing tilik hiji-hijina
Kahijina
kot'ul kulli pek bacakeun
ahir
suroh nukahiji diwakopkeun
3. Tuluy maca awal suroh
nukadua
Pek
akurkeun jeung contona sing sarua
Kaduana
ahir suroh nukahiji
Diwakopkeun
kahade ulah pahili
4. Tuluy maca awal ayat bismillahna
Tung-tungna
bismillah diwasolkeunana
Reujeung
mimiti suroh anu kadua
Nabuktina
tingali dina contona
5. Katiluna waslul kulli
pek ilikan
Sing
teunget hiji-hijina tong nyalahan
Ahir
suroh nukahiji diwasolkeun
Kana
awal bismillahna dihijikeun
6. Tuluy ahir
bismillahna diwasolkeun
Jeung
awal suroh kadua tong nyalahan
Ari
gambaran anu teu dimeunangkeun
Ahir
suroh nu ka hiji diteupungkeun
7. Reujeung mimiti ayat
bismillahna
Tuluy
diwakopkeun akhir bismillahna
Tuluy
maca awal suroh kaduana
'Illatnamah
tos jeulas dina nasarna
C. QOIDAH HUKUM NUN PAEH SARENG TANWIN
NUN PAEH sareng TANWIN
dimana-mana mayunan huruf hijaiyah anu 28, maka hukumna kabagi 4 nyaeta
:
1.
Idzhar
2.
Idghom
3.
Iqlab
4.
Ikhfa
Qoidahna
اَرْبَعُ اَحْكَمٍ فَخُذْ تَبْيِيْنِ Ω لِلنُّوْنِ اِنْ تَسْكُنْ وَلِلتَّنْوِيْنِ
Ari Hukum
Nun Paeh Sareng Tanwin - Aya 4 Hukum Anu Eunggeus Yakin
Hiji
Idhar,Dua Idgom,Tilu Iqlab, - Opat Ikhfa Tah Sakitu Kade Sasab
1. IDZHAR
Ari
idzhar eta kabagi dua bagian nyaeta :
1.
Idzhar ceuk
lugot,nyaeta اَلْبَيَانُ hartosna : kadar-kadar jelas
2.
Idzhar ceuk
istilah nyaeta, اِخْرَاجَ كُلِّ
حَرْفٍ مِنْ مَخْرَجِهِ hartosna : ngaluarkeun
saban-saban huruf tina makhrojna kalawan teu make gunnah
Qoidah Idzhar
لِلْحَلْقِ سِتُّ
رُتِّبَتْ فَلْتَعْرِفِ Ω فَاْلاَوَّلُ اْلِاظْهَرُقَبْلَ
اْلَاحْرُفِ
Kahijina kudu idzhar masing terang – dina huruf halaq nu 6 pek bilang
Huruf Idzhar
Ari huruf idzhar sadayana eta aya 6 nyaeta ا/ء ح ه خ ع غ
Qoidah Huruf
Idzhar
مُهْمَلَتَانِ ثُمَّ غَيْنٌ خَاءٌ Ω هَمْزٌ فَهَاءٌ
ثُمَّ عَيْنٌ حَاءٌ
hamzah jeung Ha ‘ain jeung ha teu cecekkan -
tambah dua Kho Ghin pada di cecekkan
Patokan
Idzhar
Dimana–mana aya Nun Paeh atanapi Tanwin, mayunan salasahijina huruf
idhar anu 6, maka macana kudu di eceskeun (JELAS)
2. IDGOM
Ari
idghom eta kabagi dua bagian nyaeta :
1.
Idghom ceuk
lugot, nyaeta اِدْخَالُ
الشَّيْٕءِ فِى الشَّيْءِ hartosna :
ngasupkeun hiji perkara kana perkara anu sejen
2.
Idgom ceuk
istilah, nyaeta
اِلْتِقَاءَحَرْفٍ سَا كِنٍ
بِمُتَحَرِّكٍ حَيْثُ يَصِيْرَانِ حَرْفًا مُشَدَّدً يَرْتَفِعُ اللِّسَانُ
عِنْدَهُ اِرْتِفَا عةً وَاحِدَةً
Hartosna : patepungna huruf anu paeh jeung
huruf anu hirup, sahingga ngajadi huruf anu di tasydidan, sarta narima kana
luhur letah, dina nalika ngucapkeun huruf anu ditasydidan kalayan sakaligus
Qoidah Idghom
فِيْ يَرْمَلُوْنَ
عِنْدَهُمْ قَدْ ثَبَتَتْ Ω وَالثَّانِ
اِدْغَامٌ بِسِتَّةٍ اَتَتْ
Kaduana kudu idghom kana genep – dina lafadz YARMALUNA anu tetep
Huruf Idghom
Ari huruf idgom sadayana eta aya 6 nyaeta : ي م ن و ل ر dikumpulkeun dina lafadz يَرْمَلُوْن
Pembagian Idghom
Ceuk Istilah
Ari idghom tina
pembagian NUN PAEH sareng TANWIN kabagi
dua bagian nyaeta :
1.
Idghom
Bigunnah
Idghom
bigunnah hurufna aya 4 nyaeta ي م ن و dikumpulkeun dina lafadz يَنْمُوْ
Qoidah Idghom Bigunnah
فِيْهِ بِغُنَّةٍ بِيَنْمُوْ عُلِمَا Ω لَكِنَّهَاقِسْمَانِ قِسْمٌ يُدْغَمَا
Tapi nu
genep bagi dua bagian – idghom ma’al gunnah YANMU sabagian
Patokan Idghom Bigunnah
Dimana-mana aya NUN
PAEH atanapi TANWIN mayunan salahsahijina huruf idghom bigunnah anu 4 maka
macan kudu DIGUNNAHKEUN
2.
Idgom
Bilagunnah
Idghom bilagunnah
hurufna aya dua nyaeta ل ر
Qoidah Idghom Bilagunnah
فِى اللَّامِ
وَالرًّاءِثُمَّ كَرِرَنَّةْ Ω وَالثَّانِ
اِدْغَامٌ بِغَيْرِ غُنَّةْ
Kaduana idghom heunteu make gunnah dina LAM-RO bulak-balik sing merenah
Patokan Idghom
Bilagunnah
Dimana-mana aya NUN
PAEH atanapi TANWIN mayunan salahsahijina huruf idghom bilagunnah anu dua, maka
macana TEU DI GUNNAHKEUN
Pengecualian Idghom
Dimana-mana aya NUN
PAEH mayunan salahsahijina huruf idghom dina sakalimah, maka macana TEU MEUNANG
DI IDGHOMKEUN,TAPI KUDU DI IDZHARKEUN
Contona : دُنْيَا-صِنْوَا
Pangna teu meunang di
idghhomkeun sabab matak ngarobah kana harti
Qoidahna
تُدْغِمْ كَدُنْيَاثُمَّ
صِنْوَانٍ تَلَا Ω اِلَّااِذَاكَانَ
بِكِلْمَةٍ فَلَا
Anging mun
NUN PAEH teungah kalimah- saperti DUNYA-SHINWANUN ulah gunnah
3. IQLAB
Ari
Iqlab Eta Kabagi Dua Bagian Nyaeta :
1.
Iqlab ceuk
lugot nyaeta : تَحْوِيلُ
الشَّيْءِعَنْ وَجْهِهِ hartosna :
mindahkeun hiji perkara tina jalanna eta perkara
2.
Iqlab ceuk
istilah nyaeta : جَعْلُ حَرْفٍ
مَكَانَ حَرْفٍ مَعَ مُرَا عَةِ الْغُنَّةِ
Hartosna : ngajadikeun
hiji huruf dina tempat huruf anu sejen, sarta ngariksa kana ghunnah
Ari huruf iqlab eta
aya hiji, nyaeta ب
Qoidah Iqlab
مِيْمًا بِغُنَّةٍ
مَعَ اْلِاخْفَاءِ Ω وَالثَّالِثُ
اْلِاقْلَابُ عِنْدَاْلبَاءِ
Katiluna iqlab lamun nyandingan BA – Gantikeun kana MIM gunnah campur
ikhfa
Patokan Iqlab
Dimana-mana aya NUN
PAEH atanapi TANWIN mayunan huruf iqlab anu hiji, maka macana kudu digentikeun
NUN PAEH atanapi TANWIN na kana MIM sarta kudu make gunnah
4. IKHFA
Ari
ikhfa eta kabagi dua bagian nyaeta :
1.
Ikhfa ceuk
lugot nyaeta اَالسَّتْرُ hartosna : kadar-kadar nutupan
2.
Ikhfa ceuk
istilah nyaeta :
عِبَارَةٌعَنِ النُّطْقِ
بِحَرْفٍ سَاكِنٍ عَارٍعَنِ التَّشْدِيْدِ عَلَى الصِّفَةِ بَيْنَ
الْاِضْهَارِوَالْاِدْغَامِ مَعَ مُرَاعَةِ الْغُنَّةِ
Hartosna : hiji ‘ibaroh
tina ngucapkeun huruf anu paeh anu
kosong tina tasydid, netepan kana sifat antara idzhar jeung idghom sarta
ngariksa kana gunnah
Qoidah Ikhfa
مِنَ اْلحُرُوْفِ
وَاجِبٌ لِلْفَاضِلِ Ω وَالرَّابِعُ
اْلاِخْفَاءُ عِنْدَاْلفَاضِلِ
Hukum NUN PAEH jeung TANWIN ka opatna – ikhfa nyanghareupan huruf
sakantunna
Huruf Ikhfa
Ari huruf ikhfa
sadayana eta aya 15, nyaeta
ت ث ج د ذ ز س ش ص
ض ط ظ ف ق ك
Qoidah Huruf Ikhfa
فِيْ كِلْمِ
هَذَااْلبَيْتِ قَدْ نَظَمْتُهَا Ω فِيْ خَمْسَةٍ مِنْ
بَعْدِ عَشْرٍ رَمْزُهَا
Nyeta lima belas huruf sadayana – dina kawit kalimah ieu nadzomna
دُمْ طَيِّبًا
زِدْفِيْ تُقَى ضَعْ ظَالِمَا Ω صِفْ ذَاثَنَا كَمْ
زَادَ شَخْصٌ قَدْ سَمَا
Nyaeta ص ذ ث ك
ج ش ق س
DZAL – ط ز ف ت ض
ظ Masing pada apal
Patokan Ikhfa
Dimana-mana aya NUN PAEH atanapi TANWIN
mayunan salasahijina huruf ikhfa anu 15, maka macana kudu di samarkeun makhroj
NUN PAEH atawa TANWIN na
Pembagian Ikhfa Ceuk
Istilah
Ari ikhfa tina pembagian
NUN PAEH sareng TANWIN eta kabagi 3 bagian, nyaeta
1.
Ikhfa
Aqrob
Bagian kahiji tina
pembagian ikhfa nyaeta ikhfa aqrob, huruf na sadayana aya 3, nyaeta : ت ط د
Patokannana
“Dimana-mana
aya NUN PAEH sareng TANWIN mayunan salasahijina huruf ikhfa aqrob anu 3, maka
macan kudu di samarkeun, sarta
nyamarkeunnana kudu dideukeutkeun kana huruf anu tilu”
2.
Ikhfa
Ausath
Bagian ka dua tina
pembagian ikhfa nyaeta ikhfa ausath, hurufna sadayana aya 10, nyaeta : ص ذ ث ج ش س ز ف ض
ظ
Patokannana
“Dimana-mana
aya NUN PAEH atanapi TANWIN, mayunan salasahijina huruf ikhfa ausath anu 10,
maka macana kudu disamarkeun, sora NUN PAEH atawa TANWIN na, sarta
nyamarkeunnana kudu pertengahan”
3.
Ikhfa
Ab’ad
Bagian
katilu tina pembagian ikhfa nyaeta ikhfa Ab’ad, hurufna sadayana aya 2 nyaeta :
ق
ك
Patokannana
“Dimana-mana
aya NUN PAEH atanapi TANWIN mayunan slasahijina huruf ikhfa Ab’ad anu 2, maka
macana kudu disamarkeun makhroj NUN PAEH
atanapi TANWIN na tur nyamarkeunnana sing kacida samarna”
اَلْحَمدُ اللهِ
رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ
Insha Alloh Di Lanjut Ka Bahasan Hukum MIM PAEH